Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
184

éta hama, baoe pahañgěn los kaboer, atawa paéh didinja.

381 Lamoen paré ěkěr létik, oekoer karék lilir teja, mitjéna hilěd hama téh, di sina gědé tjaina, soepaja paralidan, tatapi oelah kalangsoe, ngan watés doewa tiloe djam.

382 Oelah lila-lila teing, nja ngagédéjan tjaina, ari gěs lengit hama téh, tjaijan masing mědjéhna, oelah gědé katjida, koema noe gěs di seboet, pětana njaijan sawah.

383 Djěng panoelak hama dei, di itoeng waktoe tandoerna, soepaja měněřan témpo, dina waktoe ngěsi boewah, oelah kěr ngětjrěk hoedjan, atawa kěr oesoem toeroen hama-hama waktoe datang

384 Atawa kěr waktoe añgin, oesoem habaratan téja moen měněřan éta paré, ngĕsi boewah lĕbah dinja. tangtoe gagal paréna, kataradjang hama gaboeg. nja éta hapa ĕsina.

585 Lamoen di noe gědé añgin, noe loewang na rěměn barat, pagĕr koe noe djadi baé, sarta masing kěřěp pisan, soepaja ngalindoekan. koe dadap atawa waroe, ti mana datang añginna.