Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
138
XVI
SAMBOEÑGAN PASAL X.
SINOM.


391 Tjrijos toewan Sérijéra, anoe ěnggěs lawas djadi, Kontrolijoer di Palembang, njarijoskěn noe tatani, didinja noe kapanggih, adat kalampah gěs oemoem, pětana noe di hoewat, moetoeh koe gampang téh těing, tě koe étém ngan koe lěngěn di parolan.


392 Ari wadahna téh korang, djěng korangna maké tali, di kongkojangkěn pětana, soepaja tambah babari, djěng aja hantě njěri, lěngěn katoehoe di boengkoes, koe lamak pamoengkoesna, di paké marol babari, lěngěn kéntja njěkěl gagang paré tėja.


393 Di tompokén kana krandjang, asoep kabéh hantě bidjil, éta téh hasil katjida, djěng asa lěwih babari, tě hésé ngoeroes děi, tě di gěgěs tě di toempoek, djěng sanggěs toehoer bangsal, soep kana karoeng sakali, di ampihkěn taja děi pangoména.


394 Korang paranti di boewat, di aloes-aloes téh těing, di tjét sawaréh di érmas, sabab wadah gěs maranti, ari gěs roempak djami, di ampihkěn ka noe singkoer, di mana