Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
160


rék di boewat, kakara di tjokot děi, éta kitoe lahir toewan Sérijera.


395 Malah-malah bédjanamah, di Tjibinong kitoe đěi, nja tjara oerang Palémbang, noe gěs kaseboetkěn tadi, éta patoet di pikir, koe sakoer noe ahli njamboet, moeggoeh rasa kawoela, sigana oentoeng téh těing, gěra baé manahan koe sadajana.


396 Djěng đăi di Amérika, di boewatna doewa kali, kijě pěta tarékahna, oelah pisan koerang tjai, koedoe lěkěn téh těing, oelah pisan měnang toehoer, něpi kana asakna, kari doewa powé děi, ka di boewat didinja koedoe saatan.


397 Sabab moen tě toeoes lěmah, ngan boewahna sok garing, tatapi dina tangkalna, hédjo baé mowal garing, lamoen koerang tjai, gěs tangtoe tangkalna toehoer, mowal hadé jadína, noe matak ngan doewa pěting, singna saät soepaja toehoer di tintjak.


598 Tatapi éta perkara, oelah pisan salah harti, koedoe ogé di saatan, watés doewa tiloe pěting, oelah tjara sasari, tina konéng paré toehoer, tě pisan di tjaijan, moen kitoe katjida garing, mowal běnang pisan di arah mangkéna.