Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
162


399 Djěng děi sing apik pisan, mangsa di boewat mimiti, tangkalna oelah di tintjak, soepaja tě djadi gering, sabab lamoen kairik, tangtoe baé jadi bantoet, nja nintjak sěsělana, tangtoe pisan tambah hasil, kalělěpkěn djoekoet-djoekoet noe katintjak.


400 Ari gěs anggěs di boewat, tangkal paré toeloej arit, sarta masing papak pisan, tinggalkěn satěngah kaki, toeloej rambét sakali, djarami djěng djoekoet-djoekoet, těnděn di sěsělana, djadi panggěmoek sakali, djoekoet boeroek djadi matak lintoeh lěmah.


401 Lampah dina mijarana, nja tjara barang mimiti. lamoen gěs bala djoekoetna, koedoe rambét masing běrsih, bádjana éta hasil, běběnangañana oentoeng, sok radjěn saparona, tina di boewat mimiti, rasa koela sakitoe gé oentoeng pisan.


402 Sabab saětik roegina, tě maké něbařan děi, djěng tě maké mitjěn mangsa, sataoeña doewa kali, sanggěsna roempak djami. pangmindona toeloej gěmoek, gěra soemangga djadjal, koe sakoer noe ahli tani, asa mowal kadoehoeng mitjěn tanaga.


TAMAT.