Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16


26 Mimiti anoe di tjatoer, taněh doewa ratoes kaki, loehoerna tina sagara, popojan anoe binangkit, noe djěněngan toewan Motman, gěs mariksa ka noe tani.


27 Awit di boelan agoestoes, mitěmbějan ngomé tjai, sarta djěng molah taněhna, ka boelan oktoběr něpi, djadi měnang tiloe boelan, molah taněh moelak malik.


28 Di woeloekoe djěng di garoe, datang ka asak sakali, ěnggěs kitoe di kěmběngan, kotakan lébér koe tjai, éta kitoe popojaña, ajěna di ganti děi.


29 Toewan Tésman noe katjatoer, di Bogor saréwoe kaki, loehoerna tina sagara, tiloe opat boelan něpi, ti awit ngomé taněhna, datang ka aloes sakali.


30 Dalem Bogor noe katjatoer, mihatoerna lampah tani, mimiti ngomé taněhna éta koedoe pisan tigin, boelan Séptémber atawa, Oktoběr koedoe mimiti.


31 Mitěmbějan ngawoeloekoe, koedoe lěkěn sarta apik, koedoe aloes sarta rata, oelah réja těing tjai, gěs kitoe saätan pisan, sěg toeloej kitoe tjaijan děi.


32 Bari mindo ngawoeloekoe, koedoe di gojor koe tjai, sarta koedoe djero pisan, rědjěng saěnggěs tarapti, ngawoeloekoe pamindona, oelah koerang pisan tjai.