Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18


35 Soepaja djoekoetna toempoer, tina kakěěm koe tjai, gěs kitoe toeloej rarata, di garoe kambang sing apik, sarta toeloej anglér pisan, di pambrih soepaja dalit.


34 Djěng rata hantě parěndjoel, lědok dalit djadi hidji, di gawéna oelah wéja, koedoe baé bisa trapti, anggěs pamolah taněhna , sadjro opat poeloeh pěting.


55 Sabab gés mědjěhna baboet, oemoer opat poeloeh pěting, bibit dina pabinihan, éta kitoe noe gěs galib, di Bogor noe kapilampah, elingan dalém Dipati.


56 Ajěna ganti katjatoer, pagawéjan anoe tani, galib di tanah Tjiomas, boelan Séptémběr mimiti, ngěmbĕng tjai di kotakan, ka boelan Oktoběr něpi.


37 Tidinja prak ngawoeloekoe, masing djěro apik-apik, gěs kitoe ngagaroe kambang, djěng toeloej anglér sakali, kitoe tjěk oerang Tjiomas, ajéna di salin děi.


38 Di Pasroewan noe di tjatoer, loehoerna salawé kaki, di tanggal lima wélasna, Nopémber waktoe mimiti, di gawé molah taněhna, něpi ka boelan Janwari.


59 Tanggalna děi sakitoe, limawělas tjara tadi, djědjěgna ngan doewa boelan, tina di gawé mimiti, datang ka anggěsna pisan, di Pasoeroewan noe galib.