Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40


40 Ajéna ganti di caatoer, di Banjoemas noe gěs galih, pangoeninga Asistéña, toewan Parpé noe binangkit, ka lampahna di Banjoemas, ngawoeloekoena sakali.


41 Tina sanggěs ngawoeloekoe, ěrěn opat poeloeh pěting réréhkěn montong di polah, kotakan kěmběngan tjai, soepaja paěh djoekoetna, djěng taněhna djadi dalit.


42 Tidinja toetoej di garoe, ngagaroena tiloe kali, éta kitoe di Banjoemas, pětana pamolah boemi, běnang toewan Asistéña, mariksa ka ahli tani.


45 Ganti děi noe di tjatoer, popojan Radén Koemětir, Danoekoemah Tikadjang, mihatoer lampah tatani, mimiti njaijan sawah, pananggalan boelan Mai.


44 Gés kitoe prak ngawoeloekoe, tina gěs tě koerang tjai, gěs kitoe ngagaroe kambang, toeloej ngawoeloekoe děi, panoetoep nganglér ngaraña, ngagoewis taněh djěng tjai.


45 Ajena kotjap di Garoet, loehoer doewa réwoe kaki, lalampah noe sasawah, ngawoeloekoe doewa kali, kitoe děi ngagaroena, koedoe menang doewa kali.


46 Mimitina ngawoeloekoe, ngagaroe kambang sakali, ngararatakěn taněhna, toěloej di woeloekoe děi, gěs kitoe di anglér pisan, ngagoewisken ambrih dalit.