Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22


47 Ganti lampah di Tjiandjoer, tataning noe ahli tani, sawah koedoe kěmběng hěla, masing lalébér koe tjai, prak ngawoeloekoena pisan, masing djěro sarta apik.


48 Sanggěs anggěs ngawoeloekoe, pék ngagaroe masing apik, nja éta ngagaroe kambang, toeloej ngawoeloekoe děi, ngaran nja éta mindowan, gés kitoe ngagaroe déi.


49 Nganglér ngagaroe panoetoep, ngan kari nandoerkěn bibit, éta kitoe noé kalampah, di Tjandjoer lakoe noe tani, éta kabéh béda-héda, oenggal dajěh sédjén děi.


II
TIMBANGAN

ASMARANDANA.


50 Éta gěs těrang téh těing, lakoe lampah noe sasawah, oenggal ěnggon sédjén-sedjén, Bogor Garoet Soekapoera, Pasroewan djěng Banjoemas, éta béda tě sapatoet, salija tě saatoeran.


51 Waktoenagé sédjén děi, tajoh nja éta sababna, tina tě samoesim baé, sapěrti di Pasoeroewan, rada ělat hoedjana di mana-mana gěs njamboet, didinja tatjan mangsana.