Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24


52 Tatapi koedoe di pikir, waktoena mimiti njawah, soepajana běněr témpo, kěr oesoem ngora paréna, oelah kahalodowan, tangtoe baé paré bantoet, djěng lamoen oesoemna asak.


53 Oelah ngětjrěk těing ngidjih, atawa kěr oesoem barat, sabab kěr oesoem barat téh, kalampah sok réja hama, djadi koe sabab éta, sakabéh noe ahli njamboet, koedoe ngingětkěn ka mangsa.


54 Soepaja měněřan moesim, datang ka rěněh paréna, oelah katradjang halodo, ari ti watěs rěněh mah, kadjěn kahalodowan, sabab di handap gěs ijoehh, kahijěman koe tangkalna.


55 Nadjan koerang ogé tjai, lamoen gěs hijěm tangkalna, di handapna basěh baé, djěng koedoe ninggang moesimna, lěbah asak paréna, koedoe oelah oesoem tëdoeh, kěr oesoem ngětjrěk hoedjaña.


56 Koedoe ninggang dina moesim, halodo panas powéna, soepaja běněrna hadé, sarta gěñah di boewatna, ari waktoena rėja, tě běnang pisan di tangtoe, karana sok béda- béda.


57 Djadina koedoe sing éling, loewang-loewang di dajěhna,