Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26


koedoe di timbang koe manéh, ari béda-béda téja, ěnggěs tétéla pisan, di Garoet djěng di Galoenggoeng, sakitoe děkětna bėda.


58 Di Galoenggoeng ěnggěs ngidjih, ocnggal powé ngětjrěk hoedjan, di Garoet mah těřang kénéh, tatjan aja pisan hoedjan, éta kitoe pětana, soemawon djěng anoe djaoeh, tjara di Soenda djěng Djawa.


59 Djěng lěwih hadéna děi, njamboet koedoe gěbrag rata, bareng rědjeng batoer kabéh, oelah sok para kěntjilan, soepaja hama-hama, hantě pindah-pindah loewoek, pada sakali toempoerna.


60 Oerang Soenda anoe apik, réja anoe mitěmbějan, tandoer di Nopémběr baé, atawa di pananggalan, boelan Dásemběr téja, di mana ěnggon noe loehoer, aja saětik bédana.


61 Karana boelan Janwari, koedoe aja baé hoedjan, dina waktoe di boewat téh, kěr halodo koerang hoedjan, hadé oenggal nagara, nitéñan soepaja tangtoe, oesoem halodo djěng hoedjan.


62 Njamboetna nja kitoe děi, sédjén-sédjén tě sarowa, aja salajana baé, tatapi rasa kawoela, noe pangpěrloena pisan,