Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28


koe kabéh běnang di toeroet. kapaké koe oenggal těmpat.


63 Énja éta koedoe apik, pětana molah taněhna, koedoe jendo sarta galoe, djéng koedoe djěřo matjoelna, sarta ngawoeloekoena, soepaja taněhna hiroep, djěng akar gampang djadina.


64 Oelah koerang ti şakaki, djěřona dina matjoelna, sarta ngawoeloekoena téh, éta pirang-pirang sabab, noedoehkěn kahadéjan, djalan tina djěřo matjoel, djěng djero ngawoeloekoena.


65 Saprakara anoe lahir, akár katjida matjěkna, pandjang hari gědé montok, těřoes hantě nikěl akar, sédjén pisan djadina tina djěřo déét matjoel, djadi katjida bédana.


66 Noe mantjer kahandap boekti, tandana djěro matjoelna, noe kagigir tanda déét, tangtoe mawa kana tangkal, děmi hadé akarna, tangkalan gé tangtoe moeloes, éta tangtoe mowal gagal.


67 Djěng děi soepaja tjai, hoedjan asoep ka djěro pisan, djěng hawa nja kitoe kénéh, taněh téh měnang ngamběkan, mawa