Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50


atji-atjian, anoe matak djadi lintoeh, anoe di sěsěp koe akar.


68 Nja koe sabab éta děi, tétéla pisan hadéna, sawah téh koedoe di rambét, tina kaloeloeh taněhna, akar měnang ngamběkan, tangkal djadi montok aloes, boektina gěs těrang pisan.


69 Anoe ěnggěs djadi galib, Tjandjoer Bandoeng gěs kalampah, di Garoet nja kitoe kénéh, kasoekaän koering ménak, ngepoeng békér di sawah, ragěm doewa tiloe poeloeh, noe gadoeh sawah téh soeka.


70 Anoe matak soeka ati, di pikir hadé mangkéna, manana rėja noe atoh, sawah di kepoeng békerna, éta kitoe boektina, tandaning hadé di loeloeh, gěs tangtoe hadé tangkalna.


71 Tatapi adat noe galib, noe ngarěpoeng békér téja, ngan ngantěr karěsěp baé, lain mambrih hadé sawah, tapi hadé di hadja, montong sambijan djeng ngěpoeng, ambrih rata ngaloeloehna.


72 Sarta koedoe rědjěng apik, oenggal sěsěla djadjarna, oetama bari ngarambét, lamoen sambijan ngěpoeng mah,