Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32


tangtoe baé gagabah, tintjakěn mowal di oeroes, paré kaloeloeh tangkalna.


75 Djěng na děi aja wangsit, anoe gěs manggih loewangna, oelah sok ngarěpoeng békér, sabab kaběkina hama, pangajana di sawah, njatoewan hilěd noe lěmboet, noe sok radjěn djadi hama.


74 Rědjěng děi ěnggěs galib, anoe ngawoeloekoe sawah, noe nganglér nja kitoe kénéh, sok gědě těing tjaina, datang ka lébér pisan, kotakañana parinoeh, éta lamoen kitoe salah.


75 Atji taněh djadi palid, kapitjěn taněh hadéna, měnding lamoena katandé, koe kotakan di hilirna, hantě kapitjěn pisan, tapi réja noe sok toeloej, kapitjěn kana waloengan.


76 Malah boektina katjiri, gěning ěkěr oesoem njawah, waloengan sok kiroeh baé, djadina koe sabab éta, asa lěwih hadéna, kěr ngawoeloekoe ngagaroe, pěndět kokotjořañana.


77 Kokotjoran noe ti hilir, sarta tjaina mědjěhna, oelah