Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34


datang ka lalébér, mangké gěs nampěr atjina, kotjorkěn děi gěwat, tangtoe taněh hadé kantoen, atjina mowal kabawa.


78 Djěng galěngañana děi, masing mědjěhna handapna, lětikna nja kitoe kénéh, ana katjida gědéna, djěng katjida loehoerna. saprakara lahan hamboer. sarta djadi ěnggon hama.


79 Djadi panjoempoetan běrit, djěng hama lijan tidinja, satěnĝah kaki gě hadé, loěhoerna sarta gědéna, lamoen di sawah rala, di sawah lamping mah koedoe, loehoer sabab ngarah rata.


III
BAB TĚBAR ATAWA SEBAR.
SINOM.


80 Ajěna ganti tjarita, lampahing něbarken bibit, éta ogé béda-béda, ajěna ijě di toelis, loewang noe gěs kapanggih, koe toewan Tésman noe mashoer, kotjap sanggěsna tebar, tiloe powé bojor tjai, doewa powé pabinihan téh saalan.


81 Kitoe baé sapandjangna, měnang doewa poeloeh pěting, gěs kitoe sarwa lilana, sapowé bojor koe tjai, oelah rék koerang tjai, noe sapowé koedoe toehoer, něpi ka saboelaña, ti