Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26


oemoer saboelan ganti, koedoe saat něpi ka waktoe baboetna.


82 Oemoer opat poeloeh lima, didinja anoe gěs galib, ganti děi pangměndakna, toewan Motman noe binangkit, dina prakara bibit, ajěna anoe di tjatoer, koedoe kěěman hěla, doewa powé daewa pěuting, nja něbarkén tjarang doewa dim satěngah.


83 Ganti loewang di Tjiomas, ngan koedoe milih kěr bibit, paréna noe moeloes pisan, tě aja woeroekna déi, ganti děi di goerit, pangoeninga radén Danoe, koemětir di Tjikadjang, nétélaken laupah bibit, kěěm hěla dina saméméh ditěbar.


84 Pétana něbarkěñana, tjarangna koedoe tiloe dim, rědjěng pibibitěñana, gěñěp poeloeh gédéng kati, sok radjěn ogé lěwih, něpi kana toedjoeh poeloeh, dina sabaoe lahaña, djěng radjěn koerang saětik, opat poeloeh gédéng di noe hadé lěmah.


85 Ganti loewang di Banjoemas, prakara něbarkěn bibit, tina sanggésna di těbar, kira měnang lima pěting, binihna