Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40


wih gantjang, di noe léndo oemoer bibit, léwih tina bibit noe añgar taněhna.


90 Koe sabab éta katara, di gémoek hadé téh těing, tapi oelah kaliwatan, koedoe maké těmah wadi, néndjo koemaha boekti, taněh léndo rědjěng koeroe, koedoe di timbang-timbang, rědjěng děi éta bibit, saméméhna di těbar koedoe kěěman.


91 Koe tjilěoe nja ngěéman, soepajana téréh djadi, djěng panoelak kana hama, éta ogé gěs kaboekti, kapaké koe noe tani, di Soematra ěnggěs mashoer, ěnggěs kalampah pisan, koe tjilěboe ngěěm bibit, djěng koe apoe éta saroewa hadéna.


92 Djěng ari timbangañana, sapoeloeh bagijan tjai, lěboena ngan sabagijan, moen djèng apoe lain děi, noe lima poeloeh tjai, sabagijan děi apoe, sakitoe mědjěhnana, lilana di tjatoer děi, nja ngěěman watěs dalapan wělas djam.


93 Djěng děi něbarkěñana, oelah kěrěp-kěrěp těing, masing mědjěhna tjarangna, éta ogé gěs katjiri, lamoeña kěrěp těing, kěri hantě pati aloes, boektina gěs tétéla, gěning oenggal toeroet sisi, hédjo pisan misah djếng anoe di těngah.