Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44


sebar soepaja rata, malah gěs djadi paranti, di Bagélén gěs galib, pětana těbar nja kitoe, di seboet sěbar téja, hasilna anoe gěs jakin, manoek-manoek héséjén ogé malingna.


99 Sabab gěs běnang milihan, misahkěn hapa djěng ěsi, tangtoe baé aja béda, rědjěng děi koedoe éling, lamoen kěr baris bibit, koedoe ngahadjakěn woengkoel, tina kör di hoewatna, milih anoe běněr ěsi, sarta koedoe asak pisan di tangkal na.


100 Lain tjara noe ranggéjan, di paling pada sakali, di patjok ranggějñana, tapi hasil noe di pambrih, lain woengkoel tjaringtjing, ngadjaga pamaling manoek, éta mowal sabraha, aja děi anoe wadjib, di ingětkěn soepaja moeloes djadina.


101 Anjar ijě di Limbangan, gěs njoba bibit di irik, ngan tiloe gédéng réjana, bobot limawělas kati, ana gěs běnang ngirik, djadina bangsal di itoeng, ari timbañgañana, djadi tiloewělas kati, sanggěs kitoe toeloej di tapi di ajak.


102 Sěg toeloej děi di timbang, lěngit saparapat kati, ting- galna ngan doewa wělas, poendjoel tiloe prapat kati, gěs