Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48

babna teŕang teh téing, noe di balik djadi ménang rada tjarang.


107 Hantë pasoesoen patoempang, te tjara loewang sasari, anoe té di balik teja, ana djadi tangtoe kěři, sababna éngges boekti, engapen tina patoempoek, hanté menang ngambékan, éta koe djalma noe radjin, méren téréh baé katimoe sababna.


108 Rědjěng bibit paré téja, oelah anoe hěběl tẽing, liwat gěněp toedjoe boelan, di tëndëña di djro leit, lamoeña lila téing, djadina sok tara moeloes, djéng dei hadé pisan, mindah-mindah paré bibit, oelah matoeh saloewoek baé bibitna.


109 Lamoeña matoeh bibitna, di saloewoek oenggal moesim, tangtoe baé lila-lila, djadi goréng koerang ési, hadé patoekër bibit, sili toeloeng rědjěng batoer, djéng koedoe apik pisan, milih paré baris bibit, gés di tjatoer dina pasal opat wēlas.


IV
PASAL OEMOER BIBIT.
POETJOENG.


110 Ganti pasal oemoer bibit noe katjatoer, tina awit tèb-