Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

djéng popojan Dalém Bogor, opat poeloeh powé lilana noe kaprah.

118 Tina tĕbar datang ka waktoena tandoer, kitoe di Tjiomas, kaganti dĕi tjarijos, noe kalampah di nagara Pasoeroewan.

119 Oemoer bibit lima gĕnĕp toedjoe poeloeh, ti awit těbarna, lamoen dina lĕmah goréng, radjĕn datang ka toedjoeh poeloeh lilana.

120 Lamoen kĕrĕp tĕbarna djĕng lĕmah koeroe, noe di noe léndo mah, djéng tĕbarna hantĕ géjė, lima poeloeh powé sedeng di baboetan.

121 Ganti děi pangoeninga Radén Danoe, Koemētir Tjikadjang, bibit opat poeloeh powé, gĕs mědjĕhna pisan kana di baboetan.

122 Ganti dĕi bĕnang ngadongdon di Garoet, bibit noe mědjěhna, oemoer opat poeloeh powé, lima poeloeh powe radjĕn ogé aja.

125 Lamoen népi kana gěñĕp toedjoeh poeloeh, bibit gĕs boekoewan, loewangna tě pati hadé, tara pati daékěn réja njĕwěna.

124 Pamopojan toewan Parpé noe katjatoer, Asistén Ba-