Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56

131 Moemggoeh tina tĕbar datang kana tandoer, tjamplĕng tiloe boelan, asa mowa pati saé, di baboetna tangtoe gĕs pandjang akarna.

132 Tina roeksak tangtoe baé djadi bantoel, mowal pati měsat, lilirna gė mowal hadé, djĕng njĕwĕna asa mowal pati réja.

133 Kintěn-kintĕn bibit médjĕhna di baboet, pangtéréhna pisan, oemoer opat poeloeh powé, kitoe sotéh lamoen dina ĕnggon panas.

134 Rědjĕng bibit ngora teing tara moeloes, réja panyakitna, tangkalna téh lélĕs kénéh, kĕna hama sarta tě tahan koe panas.

135 Oemoer bibit ti těbar datang ka tandoer, pangraos kawoela, mĕdjĕhna sakitoe bae, di noe panas Batawi Bogor Karawang.

136 Di Prijañgan médjĕhna baé sakitoe, moen di pagoenoeñgan, lima gĕñěp poeloeh powé, anoe matak lila katjida tiisna.

137 Tapi léwih gampang nilik tina djangkoeng, hantě ngitoeng lawas, ngan naksir djangkoengna baé, doewawělas dim něpi ka limawělasna.