Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

138 Di potongna tiloe dim salapan kantoen, atawa doewablas, lĕwih gampang kítoe baé, ngitoeng djangkoeng kapaké sagala lĕmah.

159 Di noe handap di noe loehoer ogé kitoe, moen ngitoeng oemoerna, tangtoe béda-beda baé, tě saroewa di noe tiis djĕng noe panas.


V
PASAL OEMOER TINA TANDOER DATANG
KA DI BOEWAT.
PANGKOER.


140 Pasal anoe di tjarita, néţélakĕn loewang tjiri saboemi oemoer paré tina tandoer, datang kana di boewat, béda-beda oenggal đajĕh tĕ sapatoet, noe matak kabéh di karang, pilihen noe ahli tani.

141 Pamopojan toewan Motman bĕnang mariksa ti sakoer anoe tani, oemoerna tina tjěb tandoer, datang kana lilirna, pihatoerna sapoeloeh pĕting di itoeng, ti lilir datang ka nganak, mĕnang tike poeloeh péting.

142 Sapoeloeh pĕting lilana, tina njěwé datang ka moesim ngapit, tina ngapit noe katjatoer, datang ka mangsa mapak, dlapan pĕting tina mapak déi madkoer, něpi kana rẻnéh téja, lilana sapoeloeh pĕting.