Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60

145 Ari tina rĕnĕh téja, dlapan pěting něpi kana koemisi, tina koemisi di tjatoer. něpi ka rĕnĕh-bèkah, lima pĕting ti rĕnĕh-bĕkah di sĕboet, gĕñěp pěting kana rampak, ti rampak di sĕboet dĕi.

144 Něpi kana toengkoel téja, opat pěting gĕs kitoe salin moesim, tina saĕnggěsna toengkoel, dlapan powe lilana něpi kana běněr-bédjo noe di sĕboet, tina běněr-hédjo tėja kana konéng lima pěting.

145 Tina waktoe konéng téja, ka běběrat-sangga ngan opat pěting, ti běbĕrat-sangga ladjoe, něpi kana di boewat, opat pěting djoemlahna tina tjèb landoer, datang kana di boewat na, sratões doewa wělas pěting.

146 Sok radjén aja lĕwihna, něpi kana statoes doewa poeloeh pěting, malah sratoes lima peloeh, něpi ka sratoes sawidak, éta kitoe lahir toewan Motman mashoer, ganti déi pamopojan. toewan Tésman noe binangkit.

147 Di itoeng tina tandoerna. lima welas pěting něpi ka lilir. atawa ka doewa poeloeh, tina lilir ka nganak, doewa poeloeh atawa salawé djěpoet, ti njěwě ka njapit-hoerang opat poeloeh lima pěting.