Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62

148 Ti njapit-hoerang ka mapak, doewa poeloeh peting antara moesim, ti mapak dĕi di itoeng, něpi ka waktoe njiram, mĕnang opat lima pěting toeloej tjlětoe, ti njiram ka tjlĕtoe téja, měnang opat poeloeh pěting.

149 Tina tjěletoe ka rampak, opat pěting atawa lima peting, tina rampak kana toengkoel, opat atawa lima, antarana tina éta waktoe toengkoel, datang ka bĕnĕr-hédjona, di itoengna lima pěting.

150 Tina bĕněr-hédjo dongkap, kana konéng-paré sapoeloeh pěting. tina konéng-paré toeloej, kana běběrat-sangga, lima pěting ti běběrat-sangga ladjoe, datang ka waktoe di boewat, lilana dalapan pěting.

151 Ari di djoemlah lilana, djědjěg sratoes dalapan poeloeh pěting, sratoes slapan poeloeh tiloe, ngitoeng djěng atawana, sabab aja waktoe noe koerang djĕng langkoeng, djadi djĕdjĕg gĕnĕp boelan, atawa lěwih saětik.

152 Rědjĕng lahir toewan Tésman. di noe lĕwih toehoerna tambah děi, tjara sawah loehoer goenoeng, něpi ka dlapan boelan, malah slapan koe andjĕña gĕs di itoeng, ganti dĕi pangmopojan, ti Bogor Dalém dipati.

155 Di itoéng tina tĕbarna, kana tandoer ngan opat poe-