Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68

mah, doewa réwoe doewa ratoes tina laoet, paré lĕir toedjoeh boelan, langkoengna sapoeloeh pěting.

164 Nĕpi ka dalapan boelan, lamoen bibit géndjah téréh saĕtik, gěnĕp boelan radjĕn langkoeng, nĕpi ka toedjoeh boelan, ganti oemoer paré di hoema katjatoer, di na noe lěmah loehoerna, sréwoe lima ratoes kaki.

165 Lamoeña lĕir bibitna, doewa ratoes powé anoe gĕs galib, géndjah sratoes toedjoeh poeloeh, ganti di Adji-barang. kabopatén Poerwakérta noe di tjatoer, karésidéñan Banjoemas, dina toedjoeh ratoes kaki.

166 Moen paré lĕir di sawah, sratoes gĕnĕp poeloeh, malah sok něpi, ka saratoes dlapan poeloeh, djadi ngan gĕnĕp boelan, lamoen géndjah opat boelan tina tandoer, datang ka waktoe di boewat, atawa lĕwih saĕtik.

167 Ari oemoer parẻ hoema. sratoes tiloe poeloeh moen parẻ lĕir, djĕng saratoes lima poeloĕh, ari paré géndjahna, sratoes něpi ka saratoes doewa poeloeh, tah kitoe di Adji-barang, sawahi hoema géndja lĕir.

168 Ganti loewang di Magĕlang, toedjoeh dlapan boelan moen paréna lĕir. paré těñgahan katjatoer, lima djĕng