Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70

gĕnĕp boelan, lima wělas powé radjĕn ogé langkoeng, ari paré géndjahnamah, tiloe lima boelan djadi.

169 Di itoeng tina tandoerna, ka di boewat ajĕna sédjén dei, paré di hoema katjatoer, lamoen lĕir bibitna, lima boelan éta sakitoe noe madkoer, pamopojan ti Magělang, ajĕna ka ganti děi.

170 Di Garoet ngahadja njoba, tina těbar rĕdjĕng tandoer di toelis, taja pisan noe kalaroeng, nĕpi kana di boewat, doewa ratoes slapan wělas hanté langkoeng, djadi měnang toedjoeh boelan, ngan langkoeng salapan pěting.

171 Di itoeng tina těbarna, ka di boewat sakitoe éta jakin. noe gěs katjoba di Garoet, sawah di dajĕh pisan, ganti dĕi popojan toewan Pandĕrpoel, tiloe rĕdjĕng opat boelan, sakitoe éta noe galih.


KATRAÑGAN.

172 Tah éta gĕs tĕrang pisan, béda-béda oemoer paré tĕ sami, ari anoe matak kitoe, réja-réja sababna, saprakara toeroet ĕnggon handap loehoer, atawa tiis panasna, kadoewa noeroetkĕn tjai.

175 Tjai tiis sarta hĕrang, éta tangtoe oemoer paré téh lĕir, ari sabab noe katiloe, noeroetken bibit téja, lamoen