Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72

gĕring bibit hantě pati moeloes, ĕkěrna di pabinihan, éta matak lila dĕi.

174 Kaopat koerang rambĕtna, tina bala noe matak djadi kěri, paré ĕngap jadi bantoet, djĕng djadi tiis lĕmah, sabab matapowé kapindingan djoekoet, ngahalañgan kana akar, sabab kalima prakawis.

178 Noeroetkĕn djinis paréna, paré géndjah panĕngah sarta lĕir, éta rasa koela pĕrloe, moenggoeh noe ahli njawah, njoba-njoba roepa bibit oenggal taoen, koedoe toeliskĕn titĕñan-laoen-laoen manggih boekti.

176 Kapanggih noe panghadéna, piloewañgén tětěpkěn pakė bibit, lamoen kitoe tangtoe oentoeng, ka sakabeh manoesa, sabab njata kahiroepan anoe tangtoe, tambah sĕñang ka noe dagang, djadi moekti ka noe tani.

177 Paré hawara galibna, koerang oentoeng tĕ tjara paré lĕir, běběnangañana poendjoel, tatapi radjĕn aja, noe hawara běběnañganana oentoeng, éta ĕnggĕs tĕrang pisan, koe kawoela gěs kaboekti.

178 Rědjĕng sabab kagĕñěpna, tina lĕmah matak géndjah djĕng lĕir, lantaran tina di gĕmoek, oepama lĕmah añgar,