Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

lamoen hantĕ di gĕmoek, kĕri djĕng laoen, paré téh lila asakna, djĕng palapas koerang ĕsi.

179 Béda djĕng di gĕmoek téja, noe di gěmoek paréna pĕpěl ĕsi, ĕnggĕs kaboektī di Garoet, di tjoba doewa roepa, noe di gěmoek rĕdjĕng noe hantĕ di gĕmoek, di saroewakĕn lĕğana, sarta paréna sadjinis.

180 Djĕng děi baréng tandoerna, di boewatna djadi hěla pandéri, hěla sawah noe di gĕmoek, sarta bĕnangna béda, djadi réja běnangna noe di gĕmoek, di mana lĕmah noe añgar, di gĕmoek pĕrloe téh těing.


IV
PASAL NGARAMBÉT.
LAMBANG.

181 Ajĕna di ganti pasal, lampah ngarambét di sawah, loewang noe gĕs kapilampah, di hiji-hidji nagara, mimitina pamopojan, toewan Motman noe gĕs kongas, doewa kali ngarambétna, méméh oemoer doewa boelan.

182 Ganti dĕi katjarita, pamopojan toewan Tésman, doewa kali ngarambetna, mangsa di mana balana, ngan sakitoe tjaritana, ganti dĕi noe popojan, dalém Bogor pilahirna, paré kér oemoer sa boelan.