Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76


183 Didinja mangsa ngarambétna, tapi masing imět pisan soemawon galengañana, koedoe baé běrsih pisan, waktoe kěr bidjil paréna, bisi aja hama-hama, noe njoempoet dina galěngan, soemawon anoe ngalijang,


184 Ganti děi pamopojan, toewan-tanah di Tjiomas, ahirna nja koedoe pisan, ngarambétna oelah tinggal, malah-malah koedoe pisan, sarta rědjěng ngaloeloehna, soepaja rėja njěwěna, tangkal katjida měsatna.


185 Kaganti loewang prantina, di nagara Pasoeroewan, doewa kali ngarambétna, waktoe di mana balana, ngan sakitoe popojaña, ti nagara Pasoeroewan, ganti đẽi pamopojan, radén Koemětir Tjikadjang.


186 Doewa kali ngarambétna, oemoer saboelan satěngah, mindo dimana balana, ngan sakitoe pihatoerna, ganti loewang di Limbangan, teroes baé djěng Tjikadjang, doewa kali ngarambétna, nja kitoe děi waktoena.


187 Ganti di Tjiandjoer loewangna, oemoer hidji doewa boelan, dina waktoe ngarambétna, ari oemoer opat boelan, koedoe měrsihan galěngan, soepaja lěngit hamana, sarta hadé katingalna, ganti děi katjarita.


188 Loewang di tanah Banjoemas, toewan Parpé noe po-