Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78

pojan, doewa kali ngarambétna, mimiti oemoer saboelan, mindo kĕr njĕwĕ paréna, kitoe loewangna didinja. ganti děi popojana, toewan Pandĕrpoel katjrita.

189 Doewa kali ngarambétna, ari waktoe mimitina, kěr oemoer saténgah boelan, doewa poeloeh antarana, toeloej ngarambét mindona, sartana sing bersih pisan, éta kitoe popojaña, noe kapěndak koe andjěna.

KATRANGAN.

190 Éta ogé gĕs tétéla, jén béda-báda katjida, tatapi pikir pěrloena, djadi wadjib di noe njawah, ngarambétna koedoe pisan, oelah pisan měnang bala, nja kitoe děi galĕngan, lĕwih badé di bersihan.

191 Di tjatjar-tjatjar koe parang, soepaja ngabasmi hama, oelah aja anoe njajang, moen aja kaboeroe bĕnang, tĕ kaboeroe aranakan, nja kitoe děi sawahna, di loeloeh tangtoe hadéna.

192 Kitoe dĕi ngarambétna, naon-naon djoekoet sawah, goenda étjéng gagadjahan, oelah toeloej di pitjeñan, di tênděn dina galĕngan, anggoer lĕlĕpkěn di sawah, di sĕla-sěla djadjaran, soepaja djadi gĕmoekna.

195 Tatapi oelah kapalang, koedoe masing něpi ka dasarna,