Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80

malar datang ka paéhna, lamoen tanggoeng ngaroewangna, mangkéna montok djadina, sĕg djadi tambah balana, koerang ngalĕlĕpkĕñana.


VII
PASAL TJAI.
DANGDANG GOELA.

194 Ganti pasal ajĕna di goerit, loewang-loewang di oenggal nagara, njaijan sawah katjarijos, mimiti noe katjatoer, pamopojan anoe binangkit, toewan Motman noe kongas, pilahirna koedoe, tjoekoep tjai sapandjangna, tapi tina tandoer kira tiloe pěting, sawah koedoe saätan.

195 Énggés kitoe bojor dĕi tjai, těpi kana waktoe rĕněh téja, tina saĕnggĕs rĕněh téh, éta sawah téh koedoe, oelah pisan di bojor tĕing, koedoe rada saätan, oekoer oelah toehoer ngan tiba basĕh kotakan, těpi kana rampak gĕs kitoe di ganti, atoeran sanggĕs rampak.

196 Koedoe baé saätan sakali, něpi kana di boewatna pisan, djĕng lamoen aja hama téh, koedoe di sina toehoer, ĕnggĕs tjagĕr tjaijan dĕi, sakitoe popojaña, toewan Motman mashoer, ari saoer toewan Tésman, tiloe powé sawah téh bojor koe tjai, doewa powé saätan.