Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84

ti tjlĕtoe něji ka rampak, koedoe saätan gĕs kitoe tjaijan děi, něpi kana běněrna.

201 Tina běněr-hédjo saatan déi, éta kitoe galib di Tjiomas, di Pasroewan katjarijos, tina saměntas tandoer, watěs doewa djĕng tiloe kali, koedoe baé saätan, masing rada toehoer, ari lilana njaätan, watĕs doewa tiloe powé oelah lewih, djěng gěs dĕkĕt di boewat.

202 Kira sapoeloeh pětiñgěn děí, koedoe baé didinja saätan, gĕntos dei noe njarijos, di Banjoemas di tjatoer, mĕntas tandoer saatan tjai, doewa pěting lilana, atawana tiloe, kitoe sotéh moen di rantja, ari dina lĕmah kĕĕng montong tĕing, di saatan tjaina.

203 Rĕdjĕng lamoen dina ĕnggon tiis, djĕng měndoeng waktoe rĕnĕh saätan, ari dina ĕnggon sédjén, njaatan waktoe toengkoel, djadi noeroet koemaha boemi, djĕng koemaha paréna, kitoe noe di seboet, kalampahna di Banjoemas, tamat tjara sadésa tjiri saboemi, lampah njaijan sawah.


KATRANGAN.


204 Éta ogé gěs tĕrang téh tĕing, pangmakéna tjai béda-