Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88


kadoewana nambahan atji, ngaléndowan taněhna, gěs boekti di Garoet, asalna di paréntahan, di kotakan koedoe di kěmběngan tjai, djěng pělakan laoek mas.


209 Awit taoen gěněp poeloeh hidji, mimitina réja noe milampah, pada marělak laoek téh, tina karasa oentoeng, oenggal taoen marělak děi, nja datang ka ajěna, mělak laoek madjoe, di títén běnang paréna, noe asalna měnang tiloe tjaéng kati, gěs kitoe měnang lima.


210 Tina laoek oentoeng gědé děi, tambah-tambah kamoektijañana, didijě tě di tjarijos, prakara oentoeng laoek, aja dina sédjén istroeksi, anoe gěs těrang pisan, tjaritaän laoek didijě ngan lampah sawah, ěkěr boekti hadé di kěmběngan tjai, poma pada milampah.


211 Lamoen akal kitoe hantě djadi, oepamana sawah di noe añgar, sok koerang tjaina baé, atawa hantě tjoekoep, tina sabab soesoekan lětik, koedoe koe sédjén akal, soepajana tjoekoep, děmi akal éta téja, koedoe paro oelah njamboetna sakali, hělakěn noe ti girang.


212 Moen didinja gěs tě maké tjai, hadé madjoe ka noe ti hilirna, toengtoengna kasamboet kabéh, tjaina tangtoe