Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90


tjoekoep, éta akal ěnggěs kaboekti, di Bandoeng gěs kalampah, nja kitoe di Garoet, tapi tatjan pati rėja, poma-poma koe ahli tani kapikir, soepaja tě katoran.


VIII
PASAL RÉJANA TANGKAL DINA
SADAPOERNA.
POETJONG.


213 Ganti pasal ajěna anoe di tjatoer, réjana tangkalan, dina sadapoerna paré, éta ogé oenggal-oenggal dajěh béda.


214 Toewan Motman anoe mimiti di tjatoer, doewa tiloe tangkal, sadapoerna galibnatéh, djěng tjarangna satěngah kaki galibna.


215 Toewan Tésman ajéna děi di tjatoer, doewa tiloe tangkal, dina sadapoerna paré, tjarangna gá lamoen di noe hadé lěmah.


216 Kadoewa těngah kaki těměnang langkoeng, lamoen di noe añgar, sakaki mědjěhna baé, koerang tina sakaki moen angar pisan.


217 Pamopojan dalěm Bogor noe katjatoer, tiloe opat tangkal, noe gěs kalampah di Bogor, dina lěmah gemoek sakaki tjarangna.