Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94


225 Ganti děi noe kalampah di Tjiandjoer, sapoeloeh dim tjarang, lamoen di noe taněk lěndo, gěněp rědjěng toedjoeh dim di lěmah angar.


226 Ganti děi, popojan toewan Pandérpoel, doewa tiloe tangkal, réjana sadapoer paré, kira-kira satěngah kaki tjarangna.


KATRANGAN.


227 Éta kabéh noe gěs di seboet di loehoer, réjana tangkalan, dina sadapoerna paré, méh saroewa ngan béda-béda tjarangna.


228 Éta ogé rasa koela anoe perloe, koedoe ngilik lěmah, anoe añgar anoe léndo, rědjěng ngilik koemaha bibit paréna.


229 Koedoe tjarang lamoen di noe lěmah gěmoek, atawa bibitna, anoe paragina montok, koedoe baé watěs sakakitjarangna.


230 Lamoen bibit lětik djěng lěmahna koeroe, géněp dim mědjěhna, kintěn noe pangsědéngnatéh, dalapan dim sapertiga kaki téja.


231 Soegan saé satangkal dina sadapoer, tiloe dim tjarangna, djijěn panggěřětna baé, kira-kira sapoeloeh dim palajoena.