Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

232Ijĕ tjonto mĕlakna nja tjara kitoe, asa hadé pisan, gĕra tjoba-tjoba baé, rĕkah bibit djĕng réja dapoeranana.

233Tangloe réja njewĕna moen tjara kitoe, hadé djadjal-djadjal, koe sakoer anoe tatanén, paham koela asa piha déjĕn pisan.

IX
PASAL NJĔWĔ
poetjoeng kénéh.

234Ganti pasal ajĕna anoe katjatoer, réjana njĕwĕna, éta ogé sédjén-sédjén, noe mimiti katjarita toewan Motman.

235Nepi kana sapoeloeh di tanĕh gĕmoek, mantjat doewa wĕlas, ari dina lĕmak goréng, opat lima malah sok radjĕn ngoerangan.

236Pamopojan toewan Tésman noe di tjatoer, opat lima tangkal, njĕwĕna di lĕmah hadé, malah tara njĕwě dina lĕmah angar.