Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
12

doe di pikir, sa prakara koedoe ngoeroes parabotna.

17 Kadoewa ngoeroes paréna, noe baris di paké bibit, ka tiloe ngoeroes taněhna, noe angar lintoehan děi, kadjěn kaloewar doewit, kěr balandja ngala gěmoek, mangké tangtoe kaboewal, mowal toeloej djadi roegi, kataoerna koe tambah běnanganana.

18 Nja éta ijě katrangan, kěr akal soepaja hasil, soepaja sagala djalma, noe matja ngabantoe mikir, nimbang noe bakal hasil, laoen-laoen měrěn nimoe, akal noe lewih gampang,​​​​​​​​ sarta anoe lěwih hasil, ari ijě minangka djadi pamikat.

19 Soepaja tě pati kalah, akal oerang anoe tani, koe akal oerang Éropa, ari ajěna katjiri, tandana tatjan mahir, boektina hantě sapatoet, hidji-hidji nagara, kalakoewan anoe tani, tapi běnang di pilih mana noe gampang.

20 Gampang djěng gědé hasilna, lain ngan woengkoel babari, rědjěng děi panoetoepna, tjaritaan hidji-hidji, toeloej di tambah děi, katrangan djadi panjamboeng, élingan toewan Hola, sarta kawoela pribadi, sarta něda timbangan noe sami matja.

21 Kawoela sědja karnalah, tě pisan sědja koemaki, ngarang sotéh ijě těmbang, koe bawaning kěkěh pikir, soepaja