Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

14

bah hasil, noe tani gampang djĕng oentoeng, tina bangět kawoela, ngadjoengdjoeng ka kĕrsa Goesti, kangdjéng Goebĕrnĕmén Indija Nédĕrlan.

22 Reh Goebĕrnĕmĕn kĕrsana, soepaja abdina mahi, tambah karadjinanana, di bélaan kěrsa roegi, moenggoeh koela pribadi, mopoho satoetoep oemoer, kana sih piwělasna. Goeběrněmén anoe lěwih, mana sangět nja mambrih oentoeng abdina.


I BAB NJAMBOET.

KINANTI.

23 Ijĕ élmoe woeroek njamboet, panata lakoening tani, galib djalan kahiroepan, pěrloe di ménak di koering, ngoeningakěn tarékahna, soepaja tanina djadi.

24 Karana sagala lakoe, tĕ mĕnang tinggal pangarti, koedoe tarékah djĕng loewang, ajĕna ijĕ di goerit, loewang di oenggal nagara, élingan noe ahli tani.

25 Béda-béda tĕ sapatoet, réja énggon sédjén dĕi, sagala atoeranana, noe matak kabéh di toelis, pigĕsanĕn nimbang-nimbang, kĕr baris ngabanding-banding.