Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
16

26 Mimiti anoe di tjatoer, tanĕh doewa ratoes kaki, loehoerna tina sagara, popojan anoe binangkit, noe djénéngan toewan Motman, gés mariksa ka noe tani.

27 Awit di boelan agoestoes, mitĕmbĕjan ngomé tjai, sarta djĕng molah tanĕhna, ka boelan oktobér népi, djadi mĕnang tiloe boelan, molah tanĕh moelak malik.

28 Di woeloekoe djĕng di garoe, datang ka asak sakali, ĕnggĕs kitoe di kĕmbĕngan, kotakan léhér koe tjai, éta kitoe popojana, ajéna di ganti déi.

29 Toewan Tésman noe katjatoer, di Bogor saréwoe kaki, loehoerna tina sagara. tiloe opat boelan népi, ti awit ngomé tanĕhna, datang ka aloes sakali.

30. Dalĕm Bogor noe kaljatoer, mihatoerna lampah tani, mimiti ngomé tanĕhna éta koedoe pisan tigin. boelan Séptémbér atawa, Oktobér koedoe mimiti.

31. Mitĕmbĕjan ngawoeloekoe, koedoe lékén sarta apik, koedoe aloes sarta rata, oelah réja tĕing tjai, gés kitoe saitan pisan, sĕg toeloej kitoe tjaijan dĕi.

32. Bari mindo ngawoeloekoe. koedoe di gojor koe tjai, sarta koedoe djéro pisan, rĕdjéng saĕnggĕs tarapti, ngawuoeloekoe pamindona, oelah koerang pisan tjai.