Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
18

33 Soepaja djoekoetna toempoer, tina kakěěm koe tjai, gěs kitoe toeloej rarata, di garoe kambang sing apik, sarta toeloej anglér pisan, di pambrih soepaja dalit.

34 Djěng rata hantě parěndjoel, lědok dalit djadi hidji, digawéna oelah wéja, koedoe baé bisa trapti, anggěs pamolah taněhna, sadjro opal poeloeh pěting.

35 Sabab gěs mědjěhna baboet, oemoer opat poeloeh pěting, bibit dina pabinihan, éta kitoe noe gěs galib, di Bogor noe kapilampah, elingan dalem Dipati.

36 Ajěna ganti katjatoer, pagawéjan anoe tani, galib di tanah Tjiomas, boelan Séptémběr mimiti, ngěmběng tjai di kotakan, ka boelan Oktoběr něpi.

37 Tidinja prak ngawoeloekoe, masing djěro apik-apik, gěs kitoe ngagaroe kambang, djěng toeloej anglér sakali, kitoe tjěk oerang Tjiomas, ajěna di salin děi.

38 Di Pasroewan noe di tjatoer, loehoerna salawé kaki, di tanggal lima wělasna, Nopémběr waktoe mimiti, di gawé molah tlanéhna, népi ka boelan Janwari.

39 Tanggalna děi sakitoe, limawělas (tjara tadi, djědjěgna ngan doewa boelan, tina di gawé mimiti, datang ka anggěsna pisan, di Pasoeroewan noe galib.