Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
20
  1. Ajéna ganti di tatoer, di Banjoemas noe gěs galib, pangoeninga Asistéña, toewan Parpé noe binangkit, ka lampahna di Banjoemas, ngawoeloekoena sakali.
  2. Tina sanggés ngawoeloekoe, ërěn opal poeloeh pěting rërëhkén montong di polah, kotakan këmběñgan tjai, soepaja paeh djoekoetna, djéng tanéhna djadi dalit.
  3. Tidinja toetoej di garoe, ngagaroena tiloe kali, éta kitoe di Banjoemas, pétana pamolah boemi, bĕnang toewan Asistéña, mariksa ka ahli tani.
  4. Ganti déi noe di tjatoer, popojan Radén Koemětir, Danoekoemah Tjkadjang. mihatoer lampah tatani, mimiti njaijan sawah, pananggalan boelan Mai.
  5. Gés kitoe prak ngawoeloekoe. tina gěs tě koerang tjai, gés kitoe ngagaroe kambang, toeloej ngawoeloekoe děi, panoetoep nganglér ngaraña, ngagoewis taněh djěng tjai.
  6. Ajena kotjap di Garoet, loehoer doewa rewoe kaki, lalampah noe sasawah, ngawoeloekoe doewa kali, kitoe děi ngagaroena, koedoe měnang doewa kali.
  7. Mimitina ngawoeloekoe, ngagaroe kambang sakali, ngararatakĕn taněhna, toeloej di woeloekoe děi, gěs kitoe dianglér pisan, ngagoewiskěn ambrih dalit.