Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

24

52 Tatapi koedoe di pikir, waktoena mimiti njawah, soepajana běněr témpo, kěr oesoem ngora paréna, oelah kahalodowan. tangtoe baé paré bantoet. djěng lamoen oesoemna asak.

53 Oelah ngětjrěk tĕing ngidjih, atawa kěr oesoem barat, sabab kěr oesoem barat téh, kalampah sok réja hama, djadi koe sabab éta, sakabéh noe ahli njamboet, koedoe ngingětkěn ka mangsa.

54 Soepaja měněran moesim, datang ka rěněh paréna, oelah katradjang halodo, ari ti watěs rěněh mah, kadjěn kahalodowan, sabab di handap gés ijoeh. kahijěman koe tangkalna.

55 Nadjan koerang ogé tjai, lamoen gés hijěm tangkalna, di handapna basĕh baě, djěng koedoe ninggang moesimna, lébah asak parena, koedoe oelah oesoem tédoeh,kér oesoem ngětjrěk hoedjana.

56 Koedoe ninggang dina moesim, halodo panas powéna,soepaja běněrna hadé, sarta gěnah di boewatna, ari waktoena teja, tě běnang pisan di tangtoe, karana sok béda-béda.

57 Djadina koedoe sing éling, loewang-loewang di dajěhna,