Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
26

koedoe di timbang koe manéh, ari béda-béda téja, enggěs​​​​tétéla pisan, di Garoet djěng di Galoenggoeng, sakitoe děkětna béda.

58 Di Galoenggoeng enggěs ngidjih, oenggal powé ngětjrék hoedjan, di Garoet mah terang kénéh, tatjan aja pisan hoedjan, éta kitoe pétana, soemawon djeng anoe djaoeh, tjara di Soenda djeng Djawa.

59 Djeng lewih hadéna děi, njamboet koedoe gebrag rata, bareng rědjeng batoer kabéh, oelah sok para kentjilan, soepaja hama-hama, hantě pindah-pindah loewoek, pada sakali toempoerna.

60 Oerang Soenda anoe apik, réja anoe mitěmbějan, tandoer di Nopémběr baé, atawa di pananggalan, boelan Dásemběr téja, di mana enggon noe loehoer, aja saětik bédana.

61 Karana boelan Janwari, koedoe aja baé hoedjan, dina waktoe di boewat téh, kěr halodo koerang hoedjan, hadé oenggal nagara, nitéñan soepaja tangtoe, oesoem halodo djeng hoedjan.

62 Njamboetna nja kitoe děi, sédjén-sédjén tě sarowa, aja salajana baé, tatapi rasa kawoela, noe pangpěrloena pisan,