Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
30


atji-atjian, anoe matak djadi lintoeh, anoe di sésép koe

akar.

68 Nja koe sabab éta déi, tétéla pisan hadéna, sawah téh koedoe di rambét, tina kaloeloeh tanéhna, akar ménang ngambékan, tangkal djadi montok aloes, boektina gés térang pisan.

69 Anoe énggés djadi galib, Tjandjoer Bandoeng gés kalam- pah, di Garoel nja kitoe kénéh, kasoekain koering ménak, ngépoeng békér di sawah, ragém doewa tiloe poeloeh, noe

gadoeh sawah téh soeka.

70 Anoe matak soeka ali, di pikir hadé mangkéna, manana reja noe atoh, sawah di képoeng békerna, éta kiloe boektina,

tandaning hadé di loeloeh, gés tangtoe hadé tangkalna.

71 Tatapi adat noe galib, noe ngarépoeng békér téja, ngan ngantér karésép baé, lain mambrih hadé sawah, tapi hadé di hadja, montong samhijan djéng ngépoeng, ambrih rata

ngaloeloehna.

72 Sarla koedoe rédjéng apik, oenggal sésila djadjarna,

oetama bari ngarambét, lamoen sambijan ngépoeng mah,