Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
32

tangtoe baé gagabah, tintjakén mowal di oeroes, paré kaloeloeh tangkalna.

  1. Djéng na děi aja wangsit, anoe gès manggih loewangna, oelah sok ngarepoeng békér, sabab kaběkina hama, pang ajana di sawah, njatoewan hiled noe lemboet, noe sok radjen djadi hama.
  2. Rědjeng déi enggěs galib, anoe ngawoeloekoe sawah, noe nganglér nia kitoe kénéh, sok gědé těing tjaina, datang ka lébér pisan, kotakañana parinoeh, éta lamoen kitoe salah.
  3. Atji taněh djadi palid, kapitjén taněh hadéna, měnding lamoena katandé, koe kotakan di hilirna, hantě kapitjen pisan, tapi réja noe sok toeloej, kapitjěn kana waloengan.
  4. Malah boektina katjiri, gěning ěker oesoem njawah, waloengan sok kiroeh baé, djadina koe sabab éta, asa lewih hadéna, ker ngawoeloekoe ngagaroe, pěndět kokotjořañana.
  5. Kokotjoran noe ti hilir, sarta tjaina mědjèhna, oelah