Kaca:Handleiding voor de kultuur van padi op natte velden (sawahs); Muhammad R. Musa, 1864.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
34

datang ka lalébér, mangké gěs nampěr atjina, kotjorkěn děi gewat, tangtoe taněh hadé kantoen, atjina mowal kabawa.

78 Djeng galengañana děi, masing mědjelina handapna, letikna nja kitoe kénéh, ana katjida gědéna, djeng katjida loeloerna, saprakara lahan hamboer, sarta djadi enggon hama.

79 Djadi panjoempoelan hérit, djěng hama lijan tidinja, satengah kaki gé hadé, loehoerna sarta gedéna, lamoen di sawah rata, di sawah lamping mah koedoe, loehoer sabab ngarah rata.

III

BAB TěBAR ATAWA SěBAR.

SINOM.

80 Ajena ganti tjarita, lampahing něbarken bibit, éta oge héda-béda, ajěna ijě di toelis, loewang noe gés kapanggih, koe toewan Tésman noe mashoer, kotjap sanggěsna tebar, tiloe powé bojor tjai, doewa powé pabinihan téh saälan.

81 Kitoe ba sapandjangna, menang doewa poeloeh pěting, gés kitoe sarwa lilana, sapowé bojor koe tjai, oelah rék koerang tjai, noe sapowé koedoe toehoer. něpi ka saboelaña, ti