Kaca:Kitab Itoengan Pangmimitina Pisan.pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

PITOEDOEH KA MESTER ISKOLA.


Koedoe toelis pitjontošun dina papan toelis atawa dina sabak boedak iskola, ti 1 něpi ka 10. Enkeur noelis angka teh perloe koedoe njëboetkeun hargana angka sahidji-sahidjina.

Ari boedak geus njeho kana roepana angka teja, toeloej koedoe titah Djokot batue leutik 1, 4 atawa 7, soepaja boekti boedak teh lain njahoëun bae kana roepana angka sahidji-şahidjina, nja njahoëun deui kana hargana sahidji-sahidjina.

Sanggeus kitoe koedoe njontoan deui; koedoe noelis. keun dina papan toelis atawa dina sabak boedak ti 11 něpi ka 20, geus kitoe něpi ka 30, toeloej něpi ka 40, lila-lila něpi ka saratoes. Enkeurna kitoe papatjoewan oelah rek poho ngahartikern bedana angka djeung bilangan; ari bedana angka djeung bilangan, nja saperti bedana aksara djeung omongan, Angka teh paragina bilangan; bilangan teh tara paragina angka. Aja bilangan ance make bidji angka bae, aja deui bilangan anoe teu tangtoe rejana angka.

Ari boedak teh geus njahoëun noeliskeun ti hidji něpi ka saratoes mah, moal hese noeloejkeunana něpi ka 200, 300, 400 sarta toeloejna.