Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

anu wenang, jeung anu sah[1], jeung anu batal[2], anu aya dina madzhab imang agung, nya éta imam urang Safi'i[3], rahmatullah ta'ala alayhi.

BABU FI MA'RIFATI ARKANIL-IMANI WAL-ISLAMI. Tegesna: ieu bab aya di jerona nétélakeun sakabéhna rukun iman jeung islam. Ari rukun iman éta genep perkara. Sahiji AMANTU BILLAHI, tegesna: kaula percaya ka Allah ta'ala. KADUA WAMALAIKATIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna malaikat Allah ta'ala. KATILU WAKUTUBIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna kitab Allah ta'ala. KAOPAT WARUSULIHI, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna nabi rusul, tegesna: nabi anu jadi piwarangan Allah ta'ala ngadatangkeun paréntah kana sakabéhna mahluk[4]. KALIMA WAL-YAUMAIL-AKHIRI, tegesna: kaula percaya kana poé kiamat, tegesna poé pangahirna. KAGENEP WAL-QADRI KHAIRIHI WASYAKRIHI MIN ALLAHI TA'ALA, tegesna: kaula percaya kana sakabéhna papastén, anu hadé jeung anu goréng, éta kabéh datangna ti Allah ta'ala. PASAL, IEU SAHIJI PASAL. Ari hartina percaya ka Allah ta'ala, nya éta urang kudu pada nganyahokeun sarta diimankeun dina haté, yén satemen-temenna Allah ta'ala éta wajib[5] kagungan sipat(6) dua puluh. SAHIJI WUJUD, tegesna: aya Allah ta'ala, éta wajib, jeung sakabéhna sipatna; mu-


  1. صح
  2. بطل
  3. Imam Muhammad...
  4. مخلق
  5. Wajib en Perlu (want ...