'ala ti ajalna, réyana, gedéna, leutikna, panjangna atawa pondokna, rijekina, jeung bagjana jeung cilakana, éta geus kauninga ku Allah ta'ala saméméhna aya; moal bodo Allah ta'ala jeung sakur ma'na bodo, kaya syak atawa thlan, atawa waham, atawa ilm nu nalari, atawa ilmu nu laruri[1] nya éta moal. Kasapoeloeh hajjat, tegesna: hirup Allah ta'ala; moal paéh, atawa hirup ku nyawa. Sawlas sama’, tegesna: ngarungu Allah ta'ala kana sakabéhna anu mujud kadim atawa mujud anyar, sowarana atawa euweuh, jauh atawa deukeut, éta kabéh karungu ku Allah ta'ala; moal hanteu karungu ku Allah ta'ala. Doewa-welas baçar, tegesna: ningali[2] Allah ta'ala kana sakabéhna mujud anu kadim atawa anu anyar, jauh atawa deukeut, di anu poék, atawa di anu caang, sumawonna anu aya rupa éta kabéh katingali ku Allah ta'ala; moal buta atawa ningali ku soca anggohota[3]. Tiloe-welas kalam, tegesna: ngandika ku kalam Allah ta'ala, sakabéhna anu wajib ayana jeung anu moal ayana jeung sakabéhna anu wenang ayana, euweuhna pisan-pisan; kaliwat moal bisu atawa ngandika ku lambé anggohota atawa ku hurup, ku basa sowara, nya éta moal. Opat-belas kadiran[4], te-
- ↑ علم نظر en ضروري wetenschap die door betrachting, beschouwing (Jav. ca Mal. nalar) wordt verkregen, of door ondervinding, experimenten. De santri zegt van de eerste: hésè kahartina, moeijelijk te verstaan; van de laatste: babari kahartina, gemakkelijk te verstaan.
- ↑ Het hooge woord voor nénjo, zien, is Javaansch.
- ↑ .... (Niemann p. 314)
- ↑ قادر De zeven hier volgende attributen worden door Sanusi SYIFAT MA'NAWIYAH genaamd, in tegenoverstelling van de zeven voorgaande, SYIFAT 'L-MA'ANI; dat is volgens de vertaling van Wolff "ideell". Het wezenlijke verschil tusschen ideele attributen en de attributen der idee is