Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

gesna: anu kuwasa Allah ta'ala; moal anu apes. LIMA WELAS MURIDAN, tegesna: nu keresa Allah ta'ala; moal nu hanteu keresa. GENEP WELAS 'ALIMAN, tegesna: nu uninga Allah ta'ala; moal anu bodo jeung sakur ma'na bodo, kaya syak, atawa thlan, atawa waham, atawa ilmu nu nalari atawa ilmu anu laruri, nya éta moal. TUJUH WELAS HAYYAN, tegesna: anu hirup Allah ta'ala; moal anu paéh. DALAPAN WELAS SAMI'AN, tegesna: nu ngarungu Allah ta'ala; moal nu merem[1]. SALAPAN WELAS BASYIRAN, tegesna: nu ningali Allah ta'ala; moal nu buta. DUA PULUH MUTAKALIMAN, tegesna: nu ngandika Allah ta'ala; moal nu bisu. Jeung deui moal dat[2] Allah ta'ala éta jirim jeung sakabéhna sipatna Allah ta'ala aradlna[3], kaya putih atawa hideung, atawa saupamana, atawa usik cicing, atawa gedé, atawa leutik, atawa luhur, atawa handap, atawa kulitna, atawa saupamana; nya éta moal Allah ta'ala aya di luhur, aya di langit, atawa di arasy, atawa di handap; atawa di enggon, atawa aya lebahna atawa mangsana, éta moal; jeung moal deui Allah ta'ala pengalapan dina migawé mumkin alam, atawa dina ngahukuman hambana; jeung deui moal Allah ta'ala aya di jero mahluk, atawa aya di jero haté mahluk. TETAPI wajib urang ngitikadkeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala sarta sakabéhna sipatna éta mujud kadim baka sarta jumeneng ku anjeun baé, sarta sahiji datna, sahiji sipatna, sahiji pagawéanana; jeung deui wajib urang ngitikadkeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala éta ngayakeun mumkin atawa ngaeuweuhkeun mumkin, éta hanteu wajib, hanteu moal; éta naon-naon baé, anu


  1. merem, blind, moet, volgens het verband, torék, doof, zijn.
  2. moal dat enzv: Helgeen hier volgt wordt bij Sanoesi ook gevonden en wel als eene verklaring van het vierde attribuut: het afgescheiden zijn van wat tijdelijk is.
  3. عرض: is een accident b. v. eene kleur; ....