Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

wenang pangeuweuhna, kaya urang kabéh jeung naon-naon anu geus paraéh, jeung naon-naon anu mangké ayana. Jeung deui wajib urang nganyahokeun sarta diimankeun dina haté, yén satemen-temenna sakabéhna anu lian ti Allah ta'ala éta kabéh anyar, éta sarta pangayana diayakeun ku Allah ta'ala sarta kamilik ku Allah ta'ala, datna sipatna jeung pagawéanana éta dijadikeun ku Allah ta'ala. Jeung deui wajib urang alap DALIL JUMLI anu nuduhkeun kana ayana Allah ta'ala; nya éta lamun urang ditanya ku sahiji jalma: kumaha manéh yén percaya yén Allah ta'ala éta mudud; maka jawabna: kaula percaya; maka urang ditanya deui: naon-naon tandana yén manéh percaya ka Allah ta'ala yén mujud, padahal manéh hanteu pisan-pisan nyeueung ka Allah ta'ala; maka jawabna: tandana kaula percaya éta anu nuduhkeun kana ayana Allah ta'ala, nya éta sakabéhna mahluk, karana satemen-temenna sakabéh mahluk éta hanteu bisa aya sorangan, anging ayana téh diayakeun ku Allah ta'ala. INTINA ari sipat Allah ta'ala, anu geus disebutkeun tiheula, anu pangmimitina nya éta sipat wujud, ari sipat lima dingaranan sipat salbiyah, ari anu tujuh sanggeusna wahdaniyat nya éya dingaranan sipat ma'nawiyah[1]. PASAL ari murad percaya kana sakabéhna malaikat Allah ta'ala, éta urang mudu nganyahokeun sarta diitikadkeun dina haté, yén satemen-temenna Allah ta'ala éta geus ngajadikeun malaikat sarta warna-warna pagawéanana; maka sawaréh malaikat téh aya tukang nanggung arasy, jeung sawaréh deui aya tukang


  1. Bij deze onderscheiding der attributen heerscht verwarring. Na de WUJUD, de SYIFAT NAFSIYAH (d. i. de op zich zelfstaande, de wezenlijke), volgen de SYIFAT SALBIYAH, de negative attributen, aldus genaams dewijl genegeerd wordt dat, wat kan worden toegedacht aan iets buiten God, zoo als: een begin, een einde enzv:, in tegenoverstelling daarvan heeten de andere TZUBUTIYAH (ثبوتيه), positive. Deze worden weder gelijk wij zagen onderscheiden in SYIFAT 'I-MA'ANI en SYIFAT MA'NAWIYAH. (Sanoesi p. 3 en 4. Tornauw p. 25)